Lirik Lagu Hariring Kuring - Sunda
Judul Lagu :Hariring Kuring
Cipta/ Vocal :Tati Saleh
Kategori :Lagu Sunda
Hariring Kuring Lirik
Tengah peuting keur jemplang jempling
Kuring nyaring teu ngenah cicing
Hate melang sumoreang
Kawih ati nu lawas patepang
Cuang cieung kuring sorangan
Nunggelis di pangumbaraan
Lieuk deungeun, lieuk lain
Taya pisan geusan pamuntangan
Rek sasambat kamana nya nyambat
Suwung dulur waluat sobat
Sangsang badan titipkeun nya diri
Iwal ti ka gusti yang widi
Hiliwirkeun duh angin peuting
Pang nepikeun hariring kuring
Ka jungjunan nu ngatosan Buah ati nu keur rungsing peuting
**Disclaimer : Kami TIDAK menyediakan Link Download Lagu - Ha Mp3. Semua materi lagu, lirik dan gambar merupakan hak cipta dari pemilik yang bersangkutan. selengkap nya baca Disclaimer >>